Posts

Kajadian 1

1:1 Nalika Allah nyiptakeun jagat raya, 1:2 harita bumi teh teu puguh wangunna, kaayaanana kacida matak geueumanana. Sagara motah ngaliputan satangkaraking jagat. Alam poek ngajumbleng. Pangawasa Allah murba saluhureun sagara. 1:3 Lajeng Allah ngandika, "Sing caang," bray bae caang. 1:4 Seug ku Allah ditilik sarta kamanah. Eta caang ku Mantenna dipisahkeun tina poek. 1:5 Caang dingaranan "Beurang", ari poek dingaranan "Peuting". Peuting geus kaganti ku isuk: Poe nu kahiji. 1:6-7 Allah ngandika, "Sing aya kelewung, geusan misahkeun cai sina jadi dua tempat." Seug bae jadi. Allah geus ngadamel kelewung, anu misahkeun cai di sahandapeunana ti cai nu aya di saluhureun kelewung tea. 1:8 Eta kelewung ku Mantenna dingaranan "Langit". Peuting kaganti deui ku isuk: Poe nu kadua. 1:9 Allah ngandika, "Cai nu aya di sahandapeun langit sing ngumpul jadi satempat, sangkan tembong taneuh." Seug bae jadi. 1:10 Taneuh tea ku Mantenna dingarana

Kajadian 2

2:1 Ku kituna jagat raya jadi lengkep sampurna. 2:2 Dina poe nu katujuh, Allah liren tina sagala padamelana-Na sabab geus rengse. 2:3 Poe nu katujuh teh ku Mantenna diberkahan tur diiwalkeun ti poe-poe sejenna, lantaran dina poe eta Mantenna geus nyampurnakeun sagala padamelan ciciptan-Na sarta terus reureuh. 2:4 Kitu hal dijadikeunana jagat raya teh. Waktu langit jeung bumi keur dipidamel keneh ku GUSTI Allah, 2:5 di bumi can aya pepelakan, can aya binih nu jadi, lantaran Mantenna teu acan nurunkeun hujan, tanah tacan aya nu ngolah, lantaran can aya jelema. 2:6 Kakara aya cai anu kaluar ti jero taneuh, ngabaseuhan beungeut bumi. 2:7 Ari manusa, dipidamelna ku GUSTI Allah teh nya eta tina taneuh. Sanggeus diwangun mangrupa jelema, tuluy ditiupkeun napas anu matak hirup kana liang irungna, seug manusa teh ngajadi mahluk hirup. 2:8 Geus kitu GUSTI Allah ngadamel hiji taman di tanah Eden beulah wetan. Manusa teh dipernahkeun di dinya. 2:9 Mantenna ngajadikeun rupa-rupa tatangkalan nu aral

Kajadian 3

3:1 Aya sato damelan GUSTI Allah anu pangjailna, nya eta oray. Eta oray ngomong kieu ka awewe tea, "Na enya saur Allah, anjeun teu meunang ngadahar bubuahan nu aya di ieu taman?" 3:2 Jawab awewe, "Bubuahan di ieu taman, ti tangkal mana bae oge meunang didahar, 3:3 kajaba ti tangkal anu di tengah-tengah taman. Geus dielingan ku Allah yen teu meunang didahar, dicabak ge ulah, sabab mun ngadahar eta tangtu paeh." 3:4 Ceuk oray, "Teu kitu. Hamo matak paeh. 3:5 Allah sasauran kitu teh pedah uninga, yen upama aranjeun ngadahar eta buah kapinteran, aranjeun bakal mapakan Mantenna, bisa terang kana hade jeung goreng." 3:6 Seug tangkal teh ku eta awewe dipelong, pohara endahna, buahna bangun pohara ngeunahna. Ceuk pamikirna, tada teuing ahengna mun bisa terang kana sagala hal. Tuluy bae metik buahna seug didahar. Sok carogena dibere, tuluy milu ngadahar. 3:7 Harita keneh, sanggeus ngadahar eta buah, duanana kaancikan ku pangarti, sarta terus sadar yen taranjang. Tu

Kajadian 4

4:1 Geus kitu Adam sapatemon jeung geureuhana. Seug geureuhana bobot, tuluy babar, putrana pameget. Anjeunna sasauran, "Berkah pitulung PANGERAN, aing ayeuna boga anak." Seug putrana teh dijenenganan Kain. 4:2 Babar deui, pameget, dijenenganan Habil. Habil jadi tukang ngangon, Kain jadi tukang tani. 4:3 Hiji mangsa Kain ka PANGERAN nyanggakeun sabagian tina hasil panenna, dijieun kurban. 4:4 Habil ge nyanggakeun kurban, anak domba cikal. Anu dihaturkeun daging anu panghadena. Kurban Habil ku PANGERAN kaanggo, 4:5 kurban Kain ditolak. Kain jadi ngentab, murukusunu bakat ku ambek. 4:6 Ngandika PANGERAN ka Kain, "Ku naon murukusunu, kucem beungeut? 4:7 Coba lamun tas migawe anu bener mah tangtu beungeut teh marahmay. Tapi ku sabab tas migawe anu goreng, tuh di lawang panto, dosa eukeur ngadodoho, arek kumawasa ka maneh. Ku maneh kudu dielehkeun." 4:8 Geus kitu saur Kain ka Habil rayina, "Adi, hayu urang ka tegal." Ari geus araya di tegal, rayina ditarajang, d

Kajadian 5

5:1 Ieu daptar turunan Adam. (Allah midamelna manusa teh numutkeun kumaha rupi Mantenna. 5:2 Dipidamelna lalaki jeung awewe. Ku Mantenna diberkahan, jeung dingaranan "Manusa".) 5:3 Sanggeus yuswana 130 taun, kenging putra, anu rupina siga anjeunna, dijenenganan Set. 5:4 Ti semet eta, Adam masih jumeneng keneh 800 taun, sarta kenging deui putra sababaraha urang. 5:5 Pupusna dina yuswa 930 taun. 5:6 Set, sanggeus yuswana 105 taun, kenging putra Enos. 5:7 Ti semet eta jumeneng keneh 807 taun, sarta kenging deui putra sababaraha urang. 5:8 Pupusna dina yuswa 912 taun. 5:9 Enos sanggeus yuswana 90 taun kenging putra, Kenan. 5:10 Ti semet eta jumeneng keneh 815 taun, sarta kenging deui putra sababaraha urang. 5:11 Pupusna dina yuswa 905 taun. 5:12 Kenan, sanggeus yuswana 70 taun kenging putra, Mahalalel. 5:13 Ti semet eta jumeneng keneh 840 taun, sarta kenging deui putra sababaraha urang. 5:14 Pupusna dina yuswa 910 taun. 5:15 Mahalalel, sanggeus yuswana 65 taun kenging putra, Yare

Kajadian 6

6:1 Manusa geus mencar ka mana-mana, sarta barudak awewe geus lalahir. 6:2 Aya sawatara urang putra-putra surgawi anu barogoheun ka eta barudak awewe, kawantu gareulis. Tuluy bae nyarokot hiji sewang, sakabogohna-sakabogohna. 6:3 Ngandika PANGERAN, "Jelema-jelema teh ku Kami moal sina hirup sapapanjangna. Kabehanana sipat pipaeheun. Ti semet ayeuna umurna moal sina leuwih ti 120 taun." 6:4 Di jaman eta, malah sanggeus jaman eta oge, di ieu bumi teh loba jelema raksasa, turunan manusa awewe jeung putra-putra surgawi tea. Eta raksasa-raksasa teh baheula jaradi jelema anu kacida garagahna tur kamashur. 6:5 Ana PANGERAN uninga yen tiap manusa di dunya geus sakitu jarahatna, sarta pipikiranana salawasna pohara kalotorna, 6:6 Mantenna ngaraos hanjakal geus ngadamel sarta merenahkeun maranehna di bumi. Ku hanjakal-hanjakalna, 6:7 Mantenna ngalahir kieu, "Eta umat ciptaan Kami teh mending dibasmi ku Kami, kitu deui sasatoan jeung manuk. Kami hanjakal geus nyieun maranehanana.&qu

Kajadian 7

7:1 Ngandika PANGERAN ka Enoh, "Maneh sakulawarga, geura arasup ka kapal. Ku Kami geus kanyahoan, ngan maneh jelema di ieu dunya anu bener kalakuan. 7:2 Bawa ka kapal saban rupa golongan sato, anu halal masing-masing tujuh jodo, anu haram sajodo-sajodo bae. 7:3 Oge saban rupa golongan manuk masing-masing tujuh jodo. Pek geura pigawe, sangkan eta bangsa sato jeung manuk anu sakitu teh karaksa hirupna, geusan bibit ka hareup. 7:4 Tujuh poe deui Kami rek nurunkeun hujan lilana opat puluh poe opat puluh peuting, rek dipake numpes sakur anu kumelip jijieunan Kami." 7:5 Eta sagala timbalan PANGERAN teh ku Enoh dijalankeun. 7:6 Dina waktu der caah, yuswa Enoh geus genep ratus taun. 7:7 Anjeunna, geureuhana, putra-putrana jeung mantu-mantuna, arunggah ka kapal nyingkahan caah. 7:8 Sasatoan, manuk, nu haram, nu halal, masing-masing hiji jalu hiji bikang ti saban golongan, 7:9 arasup jeung Enoh ka kapal, sakumaha anu ditimbalkeun ku Allah. 7:10 Tujuh poe ti harita caah geus mimiti der.